Text
Peperenian Urang Sunda
Peperenian Urang Sunda enas-enasna mah haÂyang némbongkeun kaunikan basa Sunda. Éta kaunikan téh tangtu némbongkeun pangalaman hirup urang Sunda anu mibanda konvénsi budaya sorangan. Pangpangna mah tangtu baé bisa nuÂduhÂkeun tradisi masarakat Sunda ti waktu ka wakÂtu. Tradisi anu lahir tina kabiasaan-kabiasaan hiÂrup urang Sunda téh medalna henteu sabongÂbrong. Mun nilik kana wawangunan imah, pakaÂkas, kadaharan jeung inuman, pakasaban, atawa réana babasan jeung paribasa anu kekecapanaÂna nyokot tina ngaran-ngaran tutuwuhan jeung sasatoan, tanwandé éta téh némbongkeun yén masarakat Sunda hirup saÂpoÂpoéna deukeut jeung lingkungan alam.
Tidak tersedia versi lain